Minggu, 09 Maret 2008

Purwaning Dumadi

"Kawih uing lain kawih sia, jig nyingkah ulah ngagunasika kaula" Kitu ceuk gorowokna sora nu gelo di parapatan Buahbatu teh, bari tuluy noyod, muru ka jalan Keliningan, --manehna mamawa iteuk, tina haur hideung, panjangna kira-kira sadepa.
Sakedapan hayang seuri memang, ngadenge eta omongan, tapi mun dilenyepan mah, bener tah eta omongan teh? Kapanan hirup di zaman ayeunamah full ku hak azasi manusa, nu antukna jadi salah kaprah ngahartikeun hak azasi teh, kawas eusi SMS ti si John, sobat uing, basa uing nanyakeun kaayaan si mang Aji via SMS, kieu apanan walona si John ka uing teh: "Mang Aji mah, nuju kakalayangan ka langit ping pitu jeung mang Ayie, jiganamah pangaosan rock'n roll, nu sakumaha biasa nepi nonggeng, mencos ka langit, --apanan 4x malam minggu dihijikeun,"
"Pangaosan rock'n roll?" ceuk uing na hate. Beu, beuki dieu dunya teh lain beuki waras, da geuning ku ayana hak azasi, tempat-tempat jang pangaosan rock'n roll teh beuki loba bae di Bandung mah, lain nyaeutikan.
Sabot suku katuhu, kakarek antel kana tetecean angkot Gede Bage, nu gelo eta ngaliwat deui, ngahariring dipungkas ku ngagorowok, --uing teu jadi naek kana angkot,
"Sorry Bang, ada yang ketingglan," Kitu ngomong uing ka sopir Angkot, nyatakeun bolay, dibarung ku saeutik rada ngabohong;
"(Ngawih) Eling-eling mangka eling, rumingkang di bumi alam, ... (Ngagorowok) aing wayang, dijieun, dihirupkeun ku dalang purwaning dumadi," Ceuk eta nu gelo dibarung ngibing pencak silat.
"Beu, teupanasaran oge, uing tadi ngabohong saeutik ka sopir angkot teh, geuning meunang elmu tah, ... he..., he... apanan aya hak azasi ieuh" ceuk hate, nu pagaliwota jeung haroshosna pikiran.
Bener we geuning ceuk firasat, eta nu gelo teh siga lain jalma silung jore-jore, alias lain siwah ti kodrat bin ti leuleutik, najan bajuna rombeng, kaayaanana dekil, jeung bau ngaheos, kaluar tina awakna nu pinuh ku daki, tapi ari uteuknamah calakan pisan tah.
Jadi inget ka si Bedu, manehna pernah ngobrol ka uing, naon nu diwacanakeun ku Nitsze teh bener kacida yen Tuhan telah mati, ku alatan iman urang ka Mantena dipaehan ku hawa nafsu. Sigana eta pisan meureun, nu dirandapan ku nu gelo eta teh? Nu antukna jadi siwah, --teu bisa ngendalikeun nafsu dina diri.
"Apanan nafsu ayeuna mah nerapna teh dina hak azasi," Ceuk pikiran uing, nu mairan galecokna hate.
"(Haroshos) Sia ku aing dikecos, (Narikan) sia ku aing dikecos, (Ngagorowok) sia ku aing dikecos," Nu gelo eta ngomong deui, bari nangkeup tihang listrik, --dibarung nyeporkeun tulang pangentod.
Uing seuri nempo kalakuan manehanana, kitu deui jeung nu sejenna, nu kabeneran ningali kalakuan si eta nu gelo.
"Tah, ceuk hak azasi mah tong diseungseurikeun, apanan tadi ge dia ngadenge lin, yen si manehna ngomong kieu, --Kawih uing lain kawih sia, jig nyingkah ulah ngagunasika kaula?" Ceuk pikiran,
"Ah, kapanan seuri oge hak azasi lin?" Ceuk hate uing nu embung eleh ku pamadegan pikiran uing sorangan.
"Waduh, excident twelfth, boa-boa dia geus miring, ngagalecok wae sorangan?" Ceuk pikiran ka hate. Atuh puguh we, kuring ngagebeg saharita.
Reuwasna uing dibarung ku sora SMS nu asup;
"Anjrit," Uing ngagorowok teu sadar, nu digigireun uing kageteun, dipungkas ku nanya ka uing:
"Ku naon kang?"
"Eh,... itu nu gelo teh mani sagala nyaho!" Tempas uing ka manehna, bari jeung teu apal saha manehna nu nanya ka uing teh.
"Mentang-mentang aya hak azasi, teu jujur siah, mentang-mentang galecok hate teu kadenge, waduk siah!" Ceuk pikiran mairan.
"Enya Kang, sok we geura bandungan, ieu nu gelo teh lain samanea, mani capetang kitu, pencak silat bisa, kana kasenian apal, uteuk calakan katut encer dina ngobrol, cocok tah mun jadi Gubernur, jero pisan kana wawasan kisunda teh?"
"Sumuhun Kang, sok atuh akang tim suksena, kaleresan ayeuna keur rame kampanye PILGUB?" Ceuk uing, dibarung heureuy maksudmah. Atuh puguh we si manehna, beungeutna beureum eceuy bari tuluy ngaleos!
"Tah jelema nu kitu nu samar tenjo teh, can tangtu nu nyaho sagala bakal waras, apanan kabuktiananamah geuning siwah?" Ceuk pikiran, nu mairan deui.
"Keun we atuh, kumaha si akang itu we, apanan aya hak azasi ieuh," Ceuk hate, ngarasa meunang tina pikiran, nu ti tatadi kateter wae.
Teu sawatara lila, HP uing disada deui dibarung ku ngagurubug nada getar, nampa SMS anyar, aeh, asa ka ingetan apanan tadi teh aya SMS nu asup, can dibaca oge. Leungeun kuring ngurunyum, nyasar kana pesak calana nyokot HP. Eta SMS teh duanana ti Eneng Wening, popotongan hate kuring bihari;
"Sampurasun, nuju naon Kang?" Kitu unina SMS nu ka hiji,
"Aduh, mani teu ngawaleur, sihapunteuna tos ngaganggu? Nembe dina TV Eko sareung Ruben, ngabarkeun yen Gito Rollies sobat Akang tos ngantunkeun, ngiring bela sungkawa" Can ge dibalesan, si HP ngagurubug deui bari ngajerit, nampa deui SMS, masih ti Eneng Wening;
"Sihapunteuna ngaganggu deui, ieu mah bade naroskeun, naon ari hartosna purwaning dumadi?" Saeunggeus rampung maca SMS nu terakhir, dadak sakala hate jeung pikiran ngahiji akur, mairan nu anteub mata jeung beuheung nu luak lieuk dibantuan ku suku nu muar-muir awak, neangan jirimna Eneng Wening nu ceuk rarasaanmah manehna pasti aya di dinya. Saeunggeus teu kapanggih ku panon, hate jeung pikiran saling ngagayem pamadegan sewang-sewangan deui;
"Aneh, bet teu kapanggih, kapanan uing oge ngadenge kecap purwaning dumadi oge ti nu gelo, bieu pisan. Pasti si manehna ge aya, --nyakseni katut ngabandungan oge tingkah paripolahna nu gelo eta?"
"Alah ge-er siah maneh hate, apanan tadi na eusi SMS saanggalna, manehna keur nongton hiji acara dina TV nu ngabarkeun Gito Rollies mulih ka jati mulang ka asal?"
"Maneh oge ge-er, naha make milu neangan?" Ceuk hate uing nu embung eleh.
Seahna angin peuting, nganteurkeun 2 sora manusa anu keur uplek ngobrol ngajanteng di gigireun uing, atuh puguh we, ceuli uing nu lentaheun teh ngadadak rebing;
"Puguh ge Kang, mun urang keur solat mah hate teh sok pajuranteng, teu sapagodos jeung pikiran, beda lamun keur nyawang impian sok alakur?" Ceuk lalaki anu jangkung gede tur bucitreuk, ka baturna anu jangkung leutik. mun disidik-sidik mah siga angka 10 maranehna teh.
"Tah eta, leres pisan pamendak teh yie, matakna urang teh kudu salawasna inget Kanu Boga Urang, purwaning dumadi urang teh ti Mantena? Mun teu inget mah, bisi siwah kawas itu?" Bari curukna nunjuk ka nu gelo tadi, --nu masih anteng ngekeupan tihang listrik.
Uing gura-giru ngabales SMS, ka Eneng Wening, bari samemehna nebak-nebak naon babasan purwaning dumadi teh, da nga SMS ka Kang Dadan teu aya waleran, kitu oge ka Kang Pandu, katut Kang Dipa, basa tadi kuring ngadenge kecap eta ti nu gelo, langsung kuring nanyakeun naon ari hartosna purwaning dumadi teh? Tah, teu sawatara lila ti SMS uing nu dikirimkeun ka maranehanana, --uing nampa SMS ti Eneng Wening, anu sarua nanyakeun hartina purwaning dumadi. Atuh puguhwe asa kagunturan madu--karagragan bentang, basa 2 jalma ngalarapkeun eta kecap purwaning dumadi, kana kudu inget ka Mantena Ajawajala!
"Purwaning dumadi teh, babasan tina; asal muasal jadi, eta oge upami teu lepat. Eh, nembe tos lalajo nu gelonya?" Ceuk kuring ka Eneng Wening via SMS, ngayakinkeun hate, bari angger we pikiran mah teu panuju bin teu sapagodos sareung pamendak hate.
"Tah eta bentena panata acara nu lahirna ti kalangan tukang ngabojeg teh, kawas dia penyair, he, ... he ... he ... ceuk sakaol mah nu ngarana penyair, mibanda bibit buit purwaning dumadi gelo sanes?" Kitu unina, waleran SMS ti Eneng Wening teh.
Beu!

29 Februari 2008

0 komentar: